Mieling Pupusna Maestro Debus Cisewu
(Episode: Carita Merjoangkeun Seni
Tradisi)
Ku: Gun Gun Nugraha
Aki, ngan sakolebat urang bisa
dipanggihkeun.
Eta oge jiga nu gaib. Allah ngadorong
urang panggih heula,
sok sanajan sakedapan…….
CUKANG
lantaranna mah si Brewok (Mang Asid). Disebut si Brewok teh pedah wae bewosan.
Ayeuna geus lila teu panggih jeung manehna, biasana mah sok luha-loho ka imah,
dumeh bae katalian dulur ti pamajikannana. Ngobrol ngaler ngidul ngeunaan
Kasundaan bari mamerkeun jimatna, cenah mah bisa ngubaran sagala rupa panyakit,
ngan saratna kudu asup heula anggota, teuing ah kuring mah teu pati percaya.
Waktu harita di
taun 2011, kuring ngayakeun Gelar Budaya nu dibere tema: “Ngajugjug Cisewu Puseur Budaya Pasundan.” Cukang pangrojong Kang
Edi Supriadi (Mantan Camat Cisewu, ayeuna mah pindah ka Malangbong) dan KANIT Dik Dik Gunardi (anggota POLSEK Cisewu). Sakabeh
kasenian tradisional nu geus ngagoler dihudang-hudangkeun deui, dipintonkeun,
ditinggalikeun deui ka masyarakat, diwanohkeun ka para nonoman sok sanajan waragad
acara saayana. Tetela seni tradisi di kecamatan Cisewu teh meni euyeub gening,
kayaning : Seni reog, calung, lais, sandiwara, debus, degung, jaipongan, jeung
sajabana. Sugan we ku ikhtiar kitu, pamarentah kagugah manahna tur kagungan
perhatosan dina enggoning ngamumule tur ngamajengkeun kasenian.
Tah dina perkara
keur ngeusian acara seni debus, kuring tetelepek ka si Brewok sugan jeung sugan
aya seniman debus nu bisa digupay. Nya si Brewok nuduhkeun malahan daek
nganteur: Cenah aya gegedug debus baheula di kp. Ciledug, desa Panggalih,
kecamatan Cisewu, kabupaten Garut. Ngaranna teh Aki Rahmat “Macan”. Kuring oge
aneh mimiti mah, kunaon disebut si Macan. Dina pikiran teh, rupana serem atawa
boga elmu pamacan.
Singkat carita
kuring datang ka imah Aki Macan dianteur ku si Brewok. Jalanna tarahal ku jalan
bales, komo deui ti simpangan jalan desa mah, batuna sagede-sagede hulu orok,
ceuk kasarna jiga walungan saat. Block mesin motor pating beledag diadu jeung batu,
maklum motor leutik. Kana motor satengah jam ti imah kuring mah.
Tepi ka pipir
imahna, kuring rada ngaranjug. Ninggali kaayaan imahna, mirip-mirip imah
tatangga kuring: Imah ukuran 3x4 meter, bilik geus rungsag-rangseg, diiuhan
inyuk, hareupeun imah aya balong leutik, tampian ngagolontor dibunian samping
kebat butut.
“Ieu mang bumina
teh?”
tanya kuring, “Enya jang! Tah aya gening” si Brewok noong tina
jandela.
“Assalamu’allaikum….”
Si Brewok uluk sallam.
“Wa’alaikumsallam…”
sora aki-aki ngawalon bari panto muka lalaunan. “Har, gening maneh Brewok?!
Sok, asup!”cenah. Kuring jeung Mang Asid Asup ka jero Imah. Nyampak si Aki keur
anekak sila nyanghareupan kopi diwadahan kana bekong awi. Si Ninina aneprok di
hareupeun hawu bari ngusapan ucing. Kuring luak-lieuk ninggalian jero imah:
Papan palupuh, kamar hiji, rohangan tamu ngahiji jeung dapur, rarupek, ceuk
paribasana tuur oge adek kana juru hawu.
“Aya naon maneh
teh Brewok? “ tanya aki Macan
Derekdek Mang
Asid nepikeun maksud jeung tujuanna.
“Tah ieu budakna Ki!” nuduhkeun ka kuring.
Kuring unggeuk.
“Oh, alus atuh
Jang! memang kudu kitu. Rek ku saha deui seni tradisi di pupusti, ari lain ku
urang mah. Atoh aki mah, seni urang aya nu ngahudangkeun deui. Sugan wae
nanjeur seperti baheula. Aki sayaga ngadukung jeung ancrub salila cageur mah,”
pokna Ki Macan.
Geus meunang
jawaban kitu mah, kuring jeung Mang Asid mulang.
**
Dina
prungna pagelaran, dipungkas ku pintonan Debus. Bener wae Ki Rahmat teh boga
elmu pamacan: Panonna bolotot, bari garam-gerem, ruhak panas dicakar tuluy
dihuapkeun. Duh, mun kuring mah abong mun letah ngadadak moleksak. Si Aki
buligir, celegeneng nangtung, serepet ngalugas bedog. Bedog ngagurilap
kacaangan lampu neon. Matak paur. Teu antaparah deui, bedog nu herang teh dikadekeun
kana bitisna. Digeselkeun. Teu angeus kitu, letahna diturih. Nu narongtong
pating koceak, sawareh nungkup beungeut. Tapi aneh, awak si Aki teu bared-bared
acan.
Keur
anteng kuring lalajo, bari muringis nahan kapaur. Si Aki ngagupayan ti tengah
pakalangan. Babaturan pating lalieuk. Mang Asid nu harita marengan Ki Macan
makalangan, ngenyang leungeun kuring tuluy mawa ka pakalangan. Nu lalajo
sarurak bari seuseurian. Bari nahan linu jeung aringgis, kuring peureum. Ngararasakeun
seuseukeut bedog nu bulak-balik ngageselan kulit beuteung. Gusti, kumaha lamun
beuteung kuring dewang?! Ceuk pikir. Tapi tetela, teu raheut-raheut acan. Ajaib,
kersaning gusti.
Rengse
kagiatan, si Aki dibawa ka imah kuring. Sina ngarereb Karunya kudu leumpang
mah, nya poek nya jauh. Sapeupeuting teh, si Aki mah teu sare, uplek wae
ngobrol jeung bapa kuring (almarhum Momon Suryaman, mugia Allah ngabagjakeun di
akheratna. Di hapunten dosa-dosana, Al-fatihah….). Di tawaran dahar teh gideug,
tara pokna teh, ukur cukup dahar endog hayam meunang ngulub tilu siki. Teu nanaon deui.
Isukna
Ki Macan dianterkeun mulang. Tepi ka imahna, kuring teu buru-buru balik, ngadu
bako heula bari ngobrol ngaler ngidul. Dina obrolannana: “Aki mah hirup teh
ukur 3 (tilu bulan deui, bisi dikersakeun Aki mulang, iteuk jeung kopeah mah
sok bae bawa. Dua barang eta teh, batur hirup aki ari lunta kamana-mana, malah
kopeah mah pernah dibawa waktu aki guguru ka Banten sagala. Mun aya karerepet
mah jaga, sambat bae aki tilu kali, ” cenah. Hate kuring mah kurang percaya,
ngan ukur dijawab ku unggeuk bae.
**
Dina
awal taun 2013, kabupaten Garut ngayakeun mutasi gede-gedean, kitu deui kang
Edi Supriadi (Mantan Sekmat Cisewu) teu luput kakeunaan. Kudu pindah ka
kacamatan Malangbong. Anjeunna salahsaurang sekmat, keur kuring pribadi mah
gede jasana pikeun ngadorong hudangna deui seni-seni tradisi nu geus tilelep.
Saencanna
mulang kang Edi amitan heula ka para seniman Cisewu. Tangtu kabeh oge ngarasa
beurat, tapi dalah dikumaha. Ari geus tugas tigegeden mah moal bisa dipondah.
Amitan
teh ka asup ka aki Rahmat Macan. Dijajapkeun ku kuring nepika imahna. Inget
bae, kang Edi nepi enggap-enggapan dina tanyakan. Da sidik jalan ka Imah si Aki
mah teu sapanjangna bisa ku motor. Kapaksa kudu leumpang. Motor ditunda
gigireun masigit.
“Tah,
ieu kang bumina teh!” Kuring nuduhkeun. “Supados akang terang, tah kieu nasib
seniman tradisi teh,” gerentes hate ka kang Edi.
…………………………………………………………………………………..
Tiharita
teh, pleng bae kuring lila teu panggih jeung Ki Rahmat.
Dina
poe kemis, kuring poho tanggalna mah. Kirining aya telepon ti si Ninina:
“Punten, seja nguningakeun, Aki parantos pupus dinten Senen….” pokna teh. Kuring
ngagebeg, bari kontan nyarita: “Inalillahi wa inaillaihi roji’un,” . Tuluy
kuring ngitung waktu. “Ki, tilu bulan….” biwir ngagerenyem lalaunan. Bener bae,
ti mimiti harita si Aki nyarita, rek
ninggalkeun alam dunya, nepika waktu maotna teh pas tilu bulan. Allahu Akbar,
kaajaiban kitu?
Cikangkung,
06 Juli 2015. Malem Salasa, Bulan
Ramadhan
0 Comments