DONGENG
________________________________________________________________________

DAMAR SEWU
Ku: Rudi Hartono

Kacaritakeun jaman baheula ngadeg hiji karajaan nu katelah Sukapura. Raja ěta nagara ngarana Embah Swida sarta ngabogaan  40 urang katurunan. Diantara 40 putra-putrana ngalumbara ka sababaraha wewengkon sarta tuluy tetep-tumetep di ěta tempat.
            Salah sahiji anakna nya ěta Pangěran Genjrěng. Hiji mangsa Pangěran Genjrěng anjog ka salah sahiji tempat  di belah kiduleun sukapura. Lajeng Pangěran Genjrěng matuh di ěta tempat anu dingaranan Pamalayan.
Sajalan jeung kajadian ěta kacaritakeun aya saurang Syěh anu keur ngalalana, keur ngajalankeun pancěna nya ěta pikeun ngama’murkeun hiji wewengkon nu teu jauh jeung tempatna Pangěran Genjrěng.
Hiji mangsa dina waktu riněh Syěh naceb-nancebkeun iteukna di luhur taneuh nepi ka aya kana sarěbu kali nancebkeunana teh. Aya ku matak aněh,  tina unggal nancebkeun iteukna ngaburial cai anu rěana sarěbu sirah cai. Ku ěta kajadian ahirna di tempat ěta dingaranan Cisěwu anu hartina cai sarěbu.
Dina waktu teu sababaraha lila Syěh patepung jeung Pangěran Genjrěng sarta Pangěran Genjrěng dijadikeun murid kadeudeuhna. Lajeng Pangěran Genjrěng diajarkeun bag-bagan agama ku ěta Syěh.
Senggeus cukup nurunkeun piwejangna, Syěh  niat rěk neruskeun lalampahanana, tapi saacan miang Syěh nitipkeun wewengkon Cisěwu ka Pangěran Genjrěng jeung ka rahayat Cisěwu. “ Hěy Rai Genjrěng Kaula nitip ieu sirah cai jeung pusaka, simpen sing hadě, piara enya-enya ku arandika kadě ieu pusaka ulah nepi ka dipakě ku jalma jahat”. Kitu pokna Syěh těh bari nyěrěnkeun pusaka nu mangrupa sabuk, payung jeung iteuk ka Pangěran Genjrěng. “ Sim Kuring nampi kana ieu titipan, sarta ngestokeun kana sagala rupi amanat ti salira kanjeng, daria pisan”, ceuk Pangěran Genjrěng.
Kulantaran mimiti ayana sumber cai, rahayat Cisěwu jeung disabudeureunana kahirupanna  mimiti teu susah, subur makmur sugih mukti gemah ripah loh jinawi, rěa ketan rěa keton hirup ngahenang-ngahening ceuk paribasa těa mah sepi culik towong rampog ěstuning meunang kabagjaan nu taya babandinganana. Nu tani sarugih mukti, nu dagang parada senang ceuk cohagna taya kakurangan pangan jeung kabutuhan. Babari nyiar pangan pangupa jiwa.
Běja beuki nyebar kamamuran rahayat Cisěwu ka kocap sumebar ka wewengkon sějěn. Yěn nu nyababkeun rahayat Cisěwu makmur těh alatan aya sirah cai jeung banda pusaka nu mawa pangaruh anu kacida geděna. Lantaran rěa běja těa, nya tina běja ěta ahirna  nepi ka Ratih Ipritandi, salah saurang nini- nini jahat nu ngarasa panasaran hayang ngarebut banda pusaka nu dipiboga ku Pangěran Genjrěng.
 Poě isukna, Ratih Ipritandi langsung miang ngajugjug wewengkon Cisěwu niat rěk ngarebut pusaka nu kawěntar sakti těa. Barang jol ka wewengkon Cisěwu Ratih Ipritandi nu rěk niat jahat dihalang ku Pangěran Genjrěng. “ Saha andika makě jol-jol kadieu bari jeung niat jahat” ceuk Pangěran Genjrěng ka Ratih Ipritandi. “ Kaula rěk ngarebut pusaka dina sirah cai”, ceuk Ratih Ipritandi bari molotot. Pangěran Genjrěng inget kana amanat Syěh yěn kudu ngajaga  jeung ngariksa wewengkon Cisěwu jeung teu meunang masrahkeun pusaka ka jalma jahat. “ Naha andika wani-wani rěk ngarebut pusaka, lamun andika niat rěk ngarebut ieu pusaka kapaksa kaula moal masrahkeun, sabab lamun ieu pusaka dipakě ku andika jalma jahat tinangtu rahayat bakal cilaka”.
Kusabab niatna asa dihalangan Ratih Ipritandi timbul napsuna, tungtungna nangtang gelut ka Pangěran Genjrěng. Geus kitu deeer gelut ngadu jajatěn ngetrukeun elmu, pada ngadu kakuatan. Ahirna Ratih Ipritandi kaděsěh turta ělěh jajatěn nepi ka palastra, ngababatng jadi bugang.
Saenggeus kajadian ěta Pangěran Genjrěng ngarasa inggis sok sieun aya jalma jahat deui nu datang rěk ngarebut pusaka, ceuk pikirna sangkan aman leuwih hadě pusaka kudu diteundeun dina balong sirah atawa siarah cai těa, sarta kudu di jaga ku jin sangkan teu bisa di ganggu ku jalama jahat.
Tina pusaka nu diteundeun dina sirah cai sarebu těa ungggal peuting bijil cahaya nu hurung ngempur,hartina cahaya anu kaluar tina sirah cai aya sarebu saterusna ěta wewengkon dingaranan Damar Sěwu salian ti ngaran Cisěwu těh.
Ti harita rahayat Cisěwu hirup aman, tengtrem kertaraharja nepi ka kiwari.**