CARITA RAKYAT: "GUNUNG TUMPENG"


GUNUNG TUMPENG

Ku: Rudi Hartono


KACARITAKEUN di jaman baheula di hiji tempat anu subur makmur gemah ripah loh jinawi, éta tempat masih kénéh kaéréh ku nagara Pajajaran, aya wanoja anu kacida geulisna. Geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina, geulis lain pupulasan, éstuning geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat téh lain bobohongan. Éta wanoja ngarana Dewi Sinta. Kageulisana Dewi Sinta, kaceluk kawaun-awun kakoncara kajanapria réa jajaka nu kabungbulengan hayang migarwa Dewi Sinta. Malah mah méh ampir sakabéh jajaka nu aya di éta lembur jeung sabudeureunana ngabogaan niat rék ngalamar ka Dewi Sinta, ngan sakabéh jajaka nu kungsi ngalamar ku Dewi Sinta di tampik kalayan lantip
Hiji mangsa éta wanoja téh paamprok di hiji tempat jeung jajaka anu ngarana Radén Rama ti karajaan Maja Pahit. Lila-lila ku mindengna tepung, éta wanoja jeung jajaka pada-pada ngancik birahi ka hudang rasa cinta maranéhna, batu turun keusik naék itu purun ieu daék duanana boga niat rék silih asah silih asih, anu tungtungna Dewi Sinta jeung Raden Rama papacangan sarwa ngabudalkeun rasa cintana.
Mangtaun-taun duanana  meungkeut pageuh papacangan kalayan mulus banglus taya halangan jeung halunganana duanana panceg niat rék neruskeun hubungan nepi ka di tepungkeun di balé nyungcung.
Ku sabab geus dirasa panceg jeung sagala rupana geus sadia, Raden Rama dibarengan jeung kulawargana miang niat rék ngalamar Dewi Sinta sarta teu kantun mawa dadahareun pikeun disanggageun ka kulawarga Dewi Sinta sakalian bari rék bareng dalahar balakécrakan.
Salian ti kadaharan téa teu kantun Radén Rama mah mawa tumpeng satanggungan sabab tumpeng  mangrupa sarat utama anu di pénta ku Dewi Sinta.
Barang datang ka imahna Dewi Sinta, kasampak kulawargana keur katatamuan sarta réa jalma ngagimbung di imahna, malah aya hiji jajaka gandang diuk di gigireun Dewi Sinta,
Can ogé uluk salam, ti jero imah aya nu datang awéwé kolot tayohna mah indungna Dewi Sinta ngabedega di lawang panto sarta tuluy nyarita “ Aya naon aranjeun daratang ka dieu?” kitu pokna. Ngahuleng sakeudeung, sanggeus rada tenang kalawan tatag Rama ngawaler, “ Kaula Rama, kaula datang kadieu niat rék ngalamar Rai Sinta.”  Ceuk Rama bari jeung asa teu garenah rarasaana. “ Geus kitu indungna Sinta nyarita deui, “ Nya andika teu apal kitu, pan Sinta mah geus dijodokeun ka putra raja Papajaran nu leuwih beunghar jeung leuwih kasép ti batan anjeun, tuh jalma na gé keur aya ayeuna, sakeudeung deui gé rék dikawinkeun, halik mending gé nyingkah aranjeun ti dieu ayeuna mah.” Ceuk indung Sinta rada teugeug.
Kusabab ngadéngé jawaban ti kulawarga Sinta anu matak nyentug kana haténa, Rama timbul napsu jeung amarahna tumpeng nu tatadi ditanggung can di écagkeun téh teu antaparah deui dibalangkeun satakerna sarta kedal ucap nyupata ka Dewi Sinta, “ Sinta bongan anjeun jalir janji sarta hianat kapaksa anjeun  ku kaula di supata  sangkan jadi gunung”. Sanggeus cacap nyaritana Raden Rama, dadak sakala Dewi Sinta salin jinis jadi Gunung nu di ngaranan Gunung Geulis.
Sedengkeun tumpeng téa sabada dibalangkeun téh sabeulah rag-rag di wewengkon Cimaragang sarta robah jadi gunung Baduga ari nu sabeulah deui rag-rag di wewengkon Cikarang sarta robah jadi Gunung satuluyna di ngaranan Gunung Tumpeng ari rancatanana mah robah jadi Gunung Mangparang.
Salian ti mitos jeung legendana bentuk Gunungna ogé mirip pisan siga tumpeng. Nya ti harita di wewengkon Cikarang Kecamatan Cisewu di Kiduleun Garut katelah Gunung Tumpeng.***

Sumber : Carita Rakyat Desa Cikarang, Kecamatan Cisewu

Post a Comment

0 Comments